Harepan Masarakat Ka Dapur MBG: Menu Kudu Bergizi, Pangiriman Ulah Nepi Ka Telat
PANDEGLANG | BANTENSUARA.COM – Program Makan Bergizi Gratis (MBG) dipiharep bisa terus méré mangpaat ka barudak sakola ngaliwatan dahareun nu séhat, bergizi, jeung dikirimkeun pas kana waktuna sangkan teu ngaganggu kagiatan diajar di sakola.
Sababaraha warga jeung kolot murid ngaharepkeun sangkan unggal dapur MBG salawasna ngutamakeun kualitas dahareun. Menu nu disayagikeun dipiharep ngandung gizi nu saimbang, di antarana sangu, lauk atawa sumber protéin, sayuran, bungbuahan, jeung susu lamun aya, luyu jeung katangtuan nu geus ditetepkeun ku pamaréntah.
Salian ti éta, prosés distribusi dahareun ogé dipiharep leuwih disiplin kana jadwal. Pangiriman nu pas waktuna dianggap penting sangkan dahareun tetep seger sarta bisa langsung didahar ku murid dina jam istirahat.
Salah saurang kolot murid, Ibu Armah, warga Kecamatan Cikedal, ngedalkeun harepan sangkan Program MBG terus dijalankeun kalayan hadé sarta ngutamakeun kualitas dahareun pikeun barudak.
"Abdi salaku kolot murid ngaharepkeun menu nu dipasihkeun ka barudak téh salawasna bergizi, aya lauk, sayur, jeung buah. Pangirimanana ogé mugia ulah telat, sangkan barudak tiasa tuang dina waktosna sareng tetep sumanget diajar di sakola," saur Ibu Armah. (02/08/2026).
Numutkeun anjeunna, Program MBG bakal leuwih méré mangpaat lamun kualitas menu jeung kabersihan dahareun salawasna dijaga ku pihak dapur. Anjeunna ogé miharep prosés masak nepi ka distribusi dilaksanakeun sacara hadé sangkan dahareun nu ditampi ku murid tetep seger jeung aman dikonsumsi.
Masarakat ogé miharep sangkan pihak nu ngokolakeun dapur MBG terus ngajaga kabersihan dina prosés masak, pangemasan, nepi ka distribusi. Ku kituna, kualitas dahareun nu ditarima ku murid bisa tetep hadé jeung aman pikeun dikonsumsi.
Ku ayana harepan éta, Program MBG dipiharep bisa lumangsung kalayan hadé, méré mangpaat pikeun kaséhatan murid, sarta ngarojong lahirna generasi nu séhat, kuat, jeung boga daya saing di mangsa nu bakal datang. (Red).
Panulis : A. Rozak
Pangropéa Naskah : Redaksi Bantensuara.com

Zek Permana 
















